PIDATO BAHASA SUNDA
PAMUDA
Nu kusimkuring dipihormat dewan juri nu amis budi ku simkuring didoakeun insyaallah pa bu uih ti ieu tempat aya nu
naekeun haji, dipaparin mobil merrsi, sareng nu pang utama-utamana rahmat
sareng karunia ilahi. Amin ya rabbal alamin. (maenya we tos ngdua sakitu
agrengna teu juara ka hiji)
Oge teu hilap ka para pemuda-pemudi batur saperjuangan
sakidah jeung saiman anu mudah-mudahan ku Allah di mulyakeun.
Puja pamulasara
raga, puji nu ngahias ati urang sanggakeun ka dzat ilahi robbi. Kalawan qudrat
jeung iradatna urang tiasa patepung n pa
amprok jonghok,patepang wajah, dina ieu haflah al-mubarokkah.
Shalawat miwah salam mugia sing ngocor ngagolontor,ngalir
ngabandalir ka panutan urang Dina danget ieu sim kuring bade medar hiji tema nyaeta
alhayaatal fata bil ilmi wattuqo.
Anu phartieunana hirupna pamuda eta ku elmu jeung
kataqwaan.
Lamun kuurang dititenan
deui sababaraha dasawarsa katukang, peran serta pamuda dina ngawangun bangsa,
agama jeung nagara na mangrupakeun hiji hal anu luar biasa. Gerakan anu di
ebrehkeun ku para pamuda jaman harita mangrupakeun gerakan anu riil jeung
ngabogaan dampak anu signifikan dina hal kamajuan dunia dina umumna. Conto anu
kongkritna kamerdekaan bangsa indonesia mangrupkeun hiji bukti nyata tina tapak
sepak terjangna para pamuda waktu harita. Lain tikitu para pamuda oge boga
andil anu kalinatang gedena dina hal ngajaga jeung majukeun agamana.
ngan hanjakal dina fakta
na, zaman kiwari semngat kapamudaan geus ngamimitian loncer jeung teu bisa
ninggalikeun kredibilitasna sebagai SDM anu ngabogaan potensi luar biasa,
padahal pamuda teh mangrupakeun mant investasi anu urgent dina pangwangunan.
Malah Presiden urang Bung Karno dina pidatona nyebatkeun “ berikan 10 orang
pemuda kepadaku maka aku akan menggoncangkan dunia . tapi jika kau berikan 100
orang tua kepadaku maka aku hanya bisa menggoncangkan pohon waru”,luar biasa,
artina pemuda ngaboggaan peranan anu kacida pentingna dina kahirupan Tina hal
ieu muncul hiji pertnyaan kudu kumaha lengkah para pemuda pikeun ngajaga bangsa
agama jeung nagara supaya bisa tetep ngadeg
dizaman anu bakal datang?.
Pikeun ngajawab pertanyaan
eta ,Sakumaha ilaharna agama urang nyaeta diinul islam pasti ngabogaan
konsep-konsep anu agreng dina masalh kapamudaan.
Hiji katerangan anu pernah
diaoskeun ku almarhum KH. Ilyas Ruhiyat Cipasung dipayuneun para pamuda.
Wahai para pamuda bangsa
anjeun boga harepan anu gede ka anjeun, kukituna kudu nyiapkeun diri anjeun ku elmu jeung
kataqwaan.
Dua hal anu jadi inti
nyeta elmu jeung kataqwaan, dua hal ieu mangrupakeun hiji kesatuan anu moal
bisa dipisah-pisah dina diri pamuda.
Ku elmuna para pamuda
bakal bisa nganteurkeun agama jeung nagarana kana puncak kajayaan kulantaran
para pemuda bakal selalu ngabogaan ide-ide brilian, inovasi-inovasi luar biasa
jeung pamuda bakal salawasna ngabogaan pemikiran konstruktif pikeun nepikeun
nagara jeung agamana kana puncak kajayaan. Elmu oge bakal ngawujudkeun hiji
insan anu ngabogaan pemikiran luas jeung berkualitas. Bahkan pidauh kanjeng
rasull “lamun hayang dunya kudu make elmu nyakitu deui lamun hayang akherat oge
kudu make elmu”
Atuh nyakitu deui
kataqwaan, lamun elmu teu dibarengan ku kataqwaan balukarna lain kalah alus
malah sabalikna eta elmu bakal jadi mamala pikeun nu boga jeung lingkungana.
elmu lir ibarat peso anu seukeut, lamun dipake hade maka bakal ngahasil
keun manfaat anu gede, sabalikna lamun
dipake sa
?lah bakal ngahasilkeun kamadhorotan anu
luar biasa.
Sim kuring yakin di
Indonesia lain saeutik jalma anu jembar ku pangaweruh lantaran beuki dieu ilmu
pengetahuan beuki maju. Ngan anu jadi masalah mah ilmu pengetahuana loba nu teu
dibarengan ku kataqwaan. Mun ceuk kiyai ti Jawaa mah indonesia baheula hade
sabab sanajan saeutik jalma anu pinter tapi loba jalma anu bageur, tapi jaman
kiwari loba jalma anu pinter indonesia klah mundur sabab saeutik jalma bageur.
Rasulullah Saw. Ngadawuh
Tugas urang ayeuna urang
mimitian ti diri urang prbadi, urang bangun heula pribadi urang jadi pribadi
anu ngbogaan kwallitas boh dina segi ibdah oge dina segi kaelmuan. Kaidah Eric
Form urang Jerman pernah ngadawuhkeun
Lamun hayang ngawangun Nagara
wangun heula bangsana.
Lamun hayang ngawangun
bangsa wangun heula masyarakatna.
Lamun hayang ngawangun
masyarakat wangun heula kulawargana.
Tah tina kulawarga anu
berkualitas bakal nyetak pemuda-pemudi anu luar biasa pikeun kamajuan bangsa,
nagara jeung agamana.
Pemuda anu ideal pikeun
ngawangun bngsa jeung agama, nyaeta pamuda anu mampu berkreasi, berinovasi bari
dumasar kana agama nu pangbenerna nyaeta diinul islam kalawan make kendaraan
taqwa. Sakumaha dina alfiyah ku syehk ibnu malik didawuhkeun
Geus waktuna urang
ngarubah mindset bangsa Indonesia, geus waktuna urang ngarubah paradigma bangsa
bakal ku pamungkasna, kumustikana, jeung
ku jimatna pemikiran para pamuda nyaeta elmu jeung kataqwaan.
Akhirna urang
ngadua mudah-mudahan urang di jadikeun
pemuda-pemudi anu digindingan ku ilmu jeung kataqwaan.
Bobo
sapanon carang sapakan bilih aya kalam anu te genah kana manah nyeri kana ati mudah-mudahan sing agung cukup
lumur jembar panghampura ti bapa ibu sadaya...
Tidak ada komentar:
Posting Komentar